> lamun di bandung hari minggu,di papua hari naon??? (harideung)
> mun jelema gendut sarena kumaha hayo?? (nya pereum}
> Lauk naon anu matana rea ??? (lauk teri sakilo)
> ucing naon anu sukuna tilu ?? (ucing tikodrat atu)
> sapi naon anu sukuna aya digigir ??? (sapi kageleng puso)
> Lauk naon anu teu bisa ngojay ??? (lauk belegug)
> Gajah ngapung make naon ??? (make susah payah tah si gajah)
> Hayam naon anu payu di inggris ?? (hayam sorry)
> Ban naon anu hipu ??? (ban'deng presto)
> Olah raga naon anu paling beurat ?? (CATUR.kudu ngangkat kuda jng benteng)
> hideung,panjang dilamot amis , naon tah ?? (tihang listrik digulaan)
> Naha kunti bet make daster bodas ?? (da mun make tengtop ke tukang beca rame ngetrekan)
> Lamun ti jauh beureum , mun tika deukeutan koneng ,, naon tahh ?? (salah titingalian)
> Sapi naon anu warna warni ?? (sapidol)
> Monyet naon nu jago maen bola ?? (monyetak gooll)
bersambung ,,,, ka tatarucingan part.II
Tidak ada komentar:
Posting Komentar